Kamis, 11 April 2013

Resensi Novel Sunda - Silma Kaffah (23)


Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda

Wasta : Silma Kafah Dinilah
Kelas  : XI IPA 6 (23)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No. 30
BALEENDAH, BANDUNG
2012-2013 



RESENSI NOVEL “PERANG BUBAT”


IDENTITAS
Judul Novel                       : Perang Bubat
Kenging/Pangarang       : Yoseph Iskandar
Pamedal                             : Rahmat Cijulang
Citakan                               : Kahiji (1988)
Jumlah Kaca                     : 112 kaca

SINOPSIS
Novel Perang Bubat ieu nyaritakeun lalakon karajaan sunda di kawali anu di parentah ku prabu maharaja linggabuana jeung prameswarina dewi lara lingsing. 
Harita indit ka majapahit maksud rek ka acara jatukrami putrina nyaeta citra resmi ayu atawa dyah pitaloka ka raja hayam wuruk. Naon nu jadi pamaksudan teu ka asa hasilna, malah nandangan panghianatan ti patih gajah mada anu mundut citra resmi jadi upeti. 
Raja linggabuana ngarasa dilecehkeun, leuwih hade paeh ngabela harga diri urang sunda. Titis tulis sakabeh urang sunda harita palastra, citra resmi ge nelasan maneh mangkubumi buni sora raina raja linggabuana anu tianggalna geus ngarasa bakal teu aya kaberesan ukur nyeri tumarima jeung sadrah. Henteu malik ngewa atawa haying males ka majapahit.


KALEUWIHAN
Nyaritakeun sajarah rugrugna karajaan Nagri Sunda, kahadean taktik perang, bahasana gampang dipikahartos.

KAKURANGAN
Novel anu diresensi, teu aya gambarna. Ngadamel anu maca rada bosen jeung tunduh.