Rabu, 15 Mei 2013

Resensi NOvel Sunda - Sella Tresnasari (20)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : Sella Tresnasari
Kelas  : XI IPA 6 (20)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013 

Jejer Buku               : Galuring Gending
Panulis                     : Tatang Sumarsono
Pamedal                   : PT. Kiblat Buku Utama
Citakan                     : ka-1, Jakarta 1996
GALURING GENDING
Panji teh jalma anu asalna ti lembur, nyuprih elmu di kota Bandung. Ti barang lahir Panji geus cicing jeung indung terena. Bapana Panji teh saurang pangsiunan tentara anu satuluyna jeneng jadi Kuwu salila dua entragan. Kulawarga Panji rnangrupa kulawarga gede anu asalna ti sababaraha bibit. Lanceukna nya eta Ceu Cacih, Kang Parman, Ceu Idah, jeung Kang Obing putra ti Mimih sarta Kang Girang jeung Ceu Nunung Putra ti nu lian. Sedengkeun Panji, budak bungsu anu indungna matuh di peuntas.
Sarah, wanoja kota turunan anak menak, ti leuleutik geus diajar ngibing nepi ka asup sanggar sagala. Nya tina ieu dunya Sarah meunangkeun kasenangan dunya. Hiji poe kasenangan dunya ieu teh kudu ditebus ku harga anu pangmahalna.pikeun hiji wanoja. Um Sar, guruna di sanggar, geus ngaruksak harga dirina. Ti dieu Sarah mimiti wanoh kana dunya lalaki jeung materi. Satuluyna Sarah reureujeungan jeung salasaurang pajabat di hiji instansi penting di nagri ieu. Kahirupan Sarah sarwa cukup jeung sarwa genah, nepi ka hiji waktu aya anu ngendag-ngendag kana kabagjaan anu dirasakeun ku Sarah.
Hiji peuting Sarah diparengkeun panggih jeung Panji dina kaayaan mabok. Satuluyna Sarah dibawa ka kontrakan Panji. Nya ti dieu duanana mimiti raket. Panji hiji aktivis proreformasi anu teu panuju kana pamarentahan Ordeu Baru. Nya pamadeganana ieu anu nganteurkeun manehna kana pangberokan. Di tahan Panji nepikeun kahayangna pikeun ngawin Sarah, tapi Sarah can bisa mere respon kana ieu pangajak. Sanggeus Panji kaluar ti tahanan, manehna kudu nungguan Sarah di rumah sakit, tapi angger pangajak Panji tacan meunang jawaban. Nepi ka ahirna Panji leungit tanpa raratan samulangna nungguan Sarah di rumah sakit.
Unsur Instrinsik :
1.      Tema : Nyaritakeun ngenaan kahirupan wanoja didunya seni.
2.      Tokoh :  Panji, Sarah, Ceu Cacih, Kang Parman, Mimih, Apa, jeung Um Sar
3.      Watek : -
4.      Galur : Pangarang ngangge galur maju.
5.      Sudut Pandang : Pangarang ngahaja ngagunakeun atawa mawa carita kana sudut pandang palaku katilu. Amih anu maca carita ieu bisa ngabayangkeun kumaha satiap kajadian anu dipaparkeun.
6.      Amanat : Novel Galuring Gending oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan. Da apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana bebeneran, tumut tuhu kana papagon anu teu patunggang tonggong jeung ajaran agama (Islam). Atuh pikeun pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, novel judulna Galuring Gending teh milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, “eksistensina” jarang pisan diadu-renyomkeun.