Jumat, 19 April 2013

RESENSI NOVEL SUNDA - TRIAS DEWI ARIMBI (29)


Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda

Wasta : Trias Dewi Arimbi
Kelas  : XI IPA 6 (29)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No. 30
BALEENDAH, BANDUNG
2012-2013 




Judul                : SI SAKAR PANGGUNG
Penulis             : Tatang Sumarsono
Penerbit          : Kiblat
Terbit              : 2007
Eusi                  : 59 lembar
Sinopsis           : 
          


        Novel  ieu nyaritakeun tentang hiji budak anu namina Ahmad Hutomi atawa Entom. Bapana Entom the didamelna ngurus kuda pacuan anu dititipkeun ku dunungannana. Salah sahiji dunungan bapana Entom the namina Haji Tantowi atawa biasana disebat Pa Haji SPBU, kumargi usahana kana pom bensin. Pa Haji the gaduh putra tilu nu dua pameget, anu bungsu hijina deui istri namina teh neng Dinar anu umurna sami sareng Entom. Neng Dinar the resep kana kuda kukituna upami Pa Haji nuju mantau kudana ka istal neng Dinar teh osok ngiring janten weh wawuh deukeut malah mah, Neng Dinar teh osok naek kuda tapi bari di cekelan ku Entom kumargi palaur geubis. Sebenerna mun nuju naek kuda teh neng Dinar sok miwarang tong dicekelan tapi tara digugu ku Entom da bisi labuh eta budak dunungan teh, da lamun nepika labuh mah sieun bapana Entom anu katempuhan .
            Entom teh ayeuna kelas 9 SMP, disakola Entom teh kaasup murid anu pinter. Saban uih ti sakola Entom sok mantuan bapana ngurus kuda di istal. Kuda anu osok diurus ku Entom teh nyaeta si Sekar Panggung, dipasihan nami kitu kumargi sukuna barodas. Tapi Si Sekar Panggung teh anu ngabogaan adat anu panggorengna ti  genep kuda  bogana Pa Haji anu dititipkeun di istal, jeung teu bisa diatur kusasaha iwal ku Entom. Si Sekar Panggung teh leuwih iceus ka Entom batan ka kang Wawan, Mamg Ohan, Mang Acep, jeung bapana Entom anu osok ngurus kuda di istal. Malah mah jeng ka Pa Haji ge, ka dunungannana, iceus keneh ka Entom. Sabab eta kuda teh dijurukeun pas dina malem lebaran, tur Entom anu nungkulanana. Komo saatos indungna paeh opat bulan saatos ngajuru eta kuda, Entom anu osok nyekelan botol dot mun si Panggung keur nyusu.
            Si Panggung teh umurna geus tilu taun, tapi tacan kungsi dilombakeun kana pacuan. Kumargi Si Panggung teh ngan daek diatur ku si Entom, Pa Haji teh miwarang Entom Ngalatih eta kuda bari dibantuan ku ku Um Yance nyaeta palatih kuda di eta istal. Entom teh ngalatih eta kuda dina waktos subuh sateuacan angakat ka sakola. Dina lomba pacuan Si Panggung meunang juara ka hiji, meunangna Si Panggung teh di arep-arep pisan ku Entom sarta nu sejenna nu ngurus eta kuda. Sugan weh lamun Si Panggung meunang manehna bakal meunang komisi , anu bakalan dipake kangge neruskeun sakolana ka SMA kumargi kaayaan ekonomi na anu kirang, aripek teh Neng Dinar putri na Pa Haji nyuhunkeun ka bapana mun eta kuda meunang bakalan nyakolakeun Entom ka SMA sareng Neng Dinar. Kumargi Entom teh budakna pinter tapi teu gaduh biaya kangge neruskeun. Janten weh Entom teh sakolana dibiayaan ku Haji.

Kaleuwihan           : dina novel, seueur gambar. janten teu macana teu bosen.
Kakurangan          : dina akhir buku, teu dicantumkeun hartos kalimah-kalimah anu hese dipikahartos.