Kamis, 25 April 2013

Resensi Novel Sunda - Yakobus Prima (31)

Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda

Wasta : Yakobus Prima
Kelas  : XI IPA 6 (31)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013 

Identitas Novel
a.     Judul Buku         : Halimun Peuting
b.     Taun Terbit        : Maret 2008
c.      Pamedal              : PURI DELCO
d.     Pangarang          : Iskandarwassid
e.     Kandel Buku      : 200 Kaca
f.       Eusina                  : 15 bagean




Kaleuwihan Buku
-         Buku novel ieu aya gambar kanggo ngajelaskeun carita anu ditepikeun ku pembaca tur teu hese mahaman eusi dina eta carita.
-         Dumasar ka pangalaman anu diurutkeun tina taun kajadianna, ti taun 1959 dugi ka taun 1998, oge dibagi janten 15 bagean carita supados teu ngabosenkeun.
Kakurangan Buku
-         Buku novel ieu dina panggunaan basana tur ngesankeun< teu sambarangan jalmi nu tiasa maca buku ieu ku sabab, buku ieu nganggo basa anu paralun janten rada hese dicobaan ku jalmi kiwari mah.
Sinopsis
            Dina carita Halimun Peuting, nyaritakeun hiji jalema anu nuju rarungsing bingung ku sabab anjeunna rek uih ka lemburna ngan hate na mandeg mayong, oge kaayaan anu teu merenah , nyaeta Kardana ngaranna. Sajajalan rek ka lembur eta Kardana teh loba kasieun jeung boga kawirang ka indungna.Oge di lembur teh aya musuh bubuyutanna nyaeta Sasmita, eta Sasmita teh ges rek di lawanan ngan Kardana boga pipikiran karunya oge teu genah. Ahirna niat rek di lawanan teh teu tulus. Kardana ka bumi Emana bari susulumputan ku sabab bakal di serang lamun terang-terangan mah . Dugi tos di bumina Kardana mandeg mayong ngan maksakeun kusabab hoyong nepungan Emana oge budakna nu ker meujeuhna di cooan. Dugi tos di bumi Kardana sareng Emana sosonoan anu kacida tulusna. Ema anu di lembur ngajagaan incuna anu ker meujeuhna capetang, tos nunungguan Kardana  kusabab Incuna nananyakeun bapa na wae “Bapa kamana ema? Sakedap deui uih nya? “ eta budak teh meni kacida lucuna.
Kardana tos ngabogaan niat rek mawa budakna ka luar lembur, ameh eta budak teu nananyakeun indungna jeung ameh poho ka indungna, anu tos di pikageuleuh ku Kardana teh kusabab boga kalakuan anu teu tiasa di hampuraan ku eta Kardana teh salaku salakina, nyaeta tos ngalakukeun hal anu teu pantes dina rukun tangga nyaeta salingkuh dugi keun ka tos boga budak. Eta Kardana peuting-peuting pas di lembur nu pinuh ku halimun peuting, maksakeun rek indit ti lembur mawa budak awewena bari pamitan ka Emana anu aya di lembur sabari gurung rusuh. Eta budak nu nuju bobo langsung dibawa ku Kardana. Pas di jalan eta budak lilir bari nanya ka bapana “bapa tos uih ? dugi jam sabaraha ka bumina? “ Kardana ngajawab bari ceurik “muhun neng, neng ayeuna sareng bapa nya..”. “Ari Ema teu ngiringan pak? Ari mamah aya? “ eta budak nanya deui. Bapana ngan ngajawab “ Ema mah teu ngiringan..”.”Neng sono ka Bapa, ayena neng hoyong sareng bapa. Neng oge nyaah ka bapa sareng mamah..” eta Kardana ngan cicing bari lumpat mamawa eta budak  bari ceurik tur bungah.