Rabu, 29 Mei 2013

Resensi Novel Sunda - Denis K (03)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : Denis Kurnia
Kelas  : XI IPA 6 (03)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013

 
Jejer Buku                : TRI TANGTU DI BUMI
Pangarang                : Yoseph Iskandar
Panerbit                   : Pusat Studi Sunda
Kandel Buku            : 88 kaca
Kaleuwihan Buku : Ngandung sajarah tur alus dina ngagambarkeun tokoh – tokohna.
Kakurangan Buku : Bahasana masih keneh hese di pikaharti.

Sinopsis :
                Dua Nagara Sunda - Galuh anu asalna hiji nyaeta Nagara Sunda, anu di pimpin ku Lanjeuk jeung Adi nyaeta Prabu Susuk Tunggal ti Sunda, jeung Prabu Dewa Niskala ti Nagara Galuh. Tri Tangtu Di Bumi nyaeta Tilu Lulugu di Bumi anu majuna dayeuh teh lantaran diluluguan ku tiluan anu pohokeun ku Lanjeuk jeung Adi ieu teh padahal mah ieu teh adeg-adeg  ti ramana nyaeta Hyang Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana.
Prabu Jayadewata putra ti Prabu Dewa Niskala anu dipulung mantu ku Prabu Susuk Tunggal da pedah putri na Nyai Kentring Manik nikah jeung Jayadewata, tuluy  ka Ambet kasih putri ki Gedeng Sindangkasih, jeung ka Subang Larang putri Ki Gedeng Singapura anu nganggem Islam. Jayadewata anu di panggih keun jeung adi adina, anu tujuan adi adina mere nyaho yen ramana geus salah dina nolak kana putusan sawala para pangagung di Batulayang jeung mere nyaho aya anceman ti Demak anu  geus Islam. Subang Larang anu keur kakandungan di bawa ka Nagri sunda nepi ka ngalahirkeun anak ka hiji nu di bere nganaran Walangsungsang, anak ka dua Larasantang ka tilu Sangara.

 Prabu Jayadewata anu geus di bere gelar Prabu Anom di Pakuan ( Sunda ) jadi gaganti Prabu Susuk Tunggal di Watu Gilang pamarentahan Nagri Sunda jeung ngolah eta Nagara anu jadi nagara maju tur tohaga disebut Nagri Pajajaran sabab di pake eta adeg adeg Tri Tangtu di Bumi pangawarah ti akina Hyang Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana. Prabu Anom Jayadewata anu lila sibuk ngurus nagara geus poho ka ramana sababna manehna  mihak ka mitohana da pedah manehna nganggep yen ramana salah geus nolak kana putusan sawala para pangagung di Batulayang. Di Nagri Galuh anu geus sarepi da kabeh jelemana parindah ka nagri Sunda, Prabu Dewa Niskala anu reuwas yen anakna Jayadewata geus jadi raja di Nagri Sunda jeung geus mere incu, manehna sadar salah geus nolak kana putusan para pangagung di Batulayang. Prabu Dewa Niskala jeung panasehatna Prabu Mangkubumi anu nyamar jadi Ki Gede jeung Ki Akung anu ker Ngawangkong jeung Prabu Jayadewata ngobrolkeun anak Ki Gede anu leungit. Dina nyaanna mah anu leungit teh Prabu Jayadewata, pas di bere nyaho ngaran anak Ki Gede ( Dewa Niskala ) anu leungit Jayadewata reuwas da ngarana sarua jeung ngaran manehna keur leutik nyaeta Pamanah Rasa, lamun ngaran ti Ki Gede nyaeta Jayadewata ceuk Ki Gede teh. Jayadewata nanya saha ngaaran sabenerna Ki Gede teh di jawab ku Ki Gede , ngaran urang ker leutik Ningrat Kancana , di bere gelar Dewa Niskala, rama urang Hyang Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana ceuk Ki Gede. Ngadenge kitu Jayadewata nyuuh ka Prabu Dewa Niskala menta hampura yen manehna salah.