Kamis, 16 Mei 2013

Resensi Novel Sunda - M Febryantono (07)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : M Febryantono
Kelas  : XI IPA 6 (07)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013 

Jejer Buku   : Si Pucuk Kalumpang
Pangarang    : Ajip Rosadi
Pernerbit     : Kiblat
Kandel Buku : 44 kaca
Harga Buku  : Rp12.000

Kaleuwihan Buku :
          *Buku novel ieu bahasana pikaseurieun gampang dipikaharti
Kakurangan Buku :
          *Jalan caritana kirang seueur

Sinopsis

  
     Novel ieu nyaritakeun hiji awewe nu geulis na kacida pisan ngaranna nyaeta Si Pucuk Kalumpang, tapi manehna boga bapa nu kacida tega na nepi ka maehan manehna, asal usul nepi ka maneh na dipaehan nyaeta dina hiji poe eta bapana mamatahan ka pamajikanna sok lamun ngalahirkeun budak awewe wayahna eta budak kudu dipaehan, kukabeneran eta pamajikanna teh ngalahirkeun budak awewe tuluy Si Pucuk Kalumpang tungtungna di paehan oge, jeung eta jasad na di piceun ka leuweung. Tuluy aya hiji karajaan anu raja na teh can boga prameswari na, eta raja neangan nepi ka leuweung, kabeneran manehna manggih kuburan anyar nepi ka taneuh na hipu keneh, pas dibuka aya jasad tapi geus jadi tulang-benulang hungkul jeung geutih garing, eta raja ngaharepkeun eta jasad teh sugan we jadi awewe geulis anu bisa di jadikeun prameswari, raja teh boga kipas sakti anu bisa ngahirupkeun deui jelema nu ges maot, pas di gibas-gibaskeun eta jasad jadi jelema anu geulis na kacida pisan nepi ka hurung beungeutna teh, jelema eta teh nyaeta Si Pucuk Kalumpang anu ges di paehan ku bapana tea.Teu loba lila eta Si Pucuk Kalumpang di jadikeun prameswari.Ti harita Nyi Pucuk Kalumpang hirup kalawan huripna jadi prameswari kangjeng raja.