Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda
Wasta : Annisa Rizky l
Kelas : XI IPA 6 (01)
SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013
Jejer buku : Saudagar batik
Panulis : ahmad bakri
Pamedal : pt kiblat buku utama
Citakan : ka 2, juni 2004
Kandel buku : 81 kaca
Harga Buku : -
Kaunggulan Buku : - Basa anu dipake nyaeta basa baku, objektif sarta pamaca téh kaharti.
- ngandung unsur pamohalan.
- Ditulis ku basa nu lancer, sakapeung diselapan humor
- ngagambarkeun pasulan hirup dina suasana pilemburan.
Kalemahan Buku : - Teu aya gambar atawa ilustrasi pikeun nu maca bosen.
- loba bahasa nu teu dipikaharti, jeung istilah istilah jiga paribahasa
SINOPSIS
Bi Arwiah teh geus lila raradaan, ti barang Si Kasnen umur dua taun. Salakina, nyaeta bapa Si Kasnen, maot kaleleban ku Si Kasja, anakna nu cikal. Asalna teu pira, tina rasa mokaha. Dina hiji poe wanci asar bapa Si Kasja datang geus buburuh neang pare ti Pananggapan. Kacida capeeunana, mana beuteung kacida laparna, pas datang kaimah ninggali imah sarepi eweuh jelema, daharan ge euweuh ninggali kakandang embe harayang nyatu, ari jukut euweuh. Atuh keheul bapa Si Kasja geus teh carape meunang buburuh, beuteung lapar,imah sarepi, embe can diparaban, teu lila pamajikanna datang bari mawa jukut jeung ngagendong Si Kasnen, da tiisuk budakna Si kasja can balik.
Mantak ambek bapa Si Kasja pas Si Kasja balik, lainna mantuan indung ngarit ieu kalah marak, Si Kasja deui kalah nembalan pas bapana ngomong nu nyebabkeun Si Kasja digaplok ku bapana.
Tisaprak kajadian eta Si Kasja leungit teu katempo deui jelmana, indung bapana geus neanggan kamana-mana, bapana handeueul kabina bian bet naha baheula nyabok budakna pedah teu pira kajadian sepele. Geus aya mingguna Bapa Si Kasja geuring mikiran budak nu leungit teuing kamana, awakna makin kurus da euweuh dahareun nu asup. Di imahna dideudeulan ku loba loba jelema da hariewang bisi kumaonam, nepika akhirna bapa Si Kasja maot.
Sangggeus ditinggalkeun ku salakina, Sanukri anu ngabereskeun sagala kaperluan ti mimiti thlil, tiluna, tujuhna, nepi ka matang puluh. Indung Si Inen mah kari ngajalankeun, aya kakurang asal daek menta, tara harese, ta-sok the saenyana. Tatangga-tatanggana nya kitu deui pada maruji kana kahadean Sanukri teh, nepi ka jadi sabiwir hiji.
Sereresna hajat matangpuluh, sorena Sanukri nyaritakeun utangna Bapa Si Kasja, Sanukri menta digantianku sawah nu di Cimandala. Indung Si Inen ngarenjag ngadenge pamenta Sanukri, tapi ku sabab utangna gede pisan akhirna sawahna ka Sanukri. Bi Arwiah hirup kadua anakna, Si Inen, pagaweanana ukur buburuh neangan sahuap-saopeun.
Sababaraha poe, saacan lebaran, Si inen menta dipangmeulikeun baju jeung calana ka indungna. Indungna karunya ka anakna, ti lebaran-lebaran kamari tara dipangmeulikeun baju,akhirna Indung Si Inen ngajual embe ka Sanukri keur anakna bade sunatan. Tapi Sanukri teh teu mayar-mayar ka indung Si Inen, padahal duitna teh keur meulikeun baju Si Inen.Ngaranna Abdul Rajak, loba-loba dongengna teh, papanggihan di geusan pangjarahan. Sanukri menta kumaha rek bisa jadi sudagar batik ka abah, ceuk abah kudu aya saratna, saratna nyaeta kahiji ulah ngalalaworakeun kana ibadah, kadua kudu aya modal memeh dibalanjakeun ka Cirebon, teras kedah mahanan pare saranggeuy piwudukeun, pieusieun panjang jimat tea. Sanggeus kitu, Sanukri ngajual sawah, kebon, munding nepi ka sagala hartana keur modal ka abah. Tapi geus lila, Sanukri jeung bojona ngarep-ngarep Abah Abdul Rajak sumping. Nyi Ioh, pamajikanna Sanukri teu sabar haying geura-geura dadasar, ngeber-ngeber dagangan batik.
Sanukri beak harepan, pamajikanna ceurik bae,awakana geus arorot pisan balas kurang dahar kurang sare gawena ngutruk wae yarekan Abdul Rajak si tukang tipu. Indung Si inen datang nagih duit tea, tapi Sanukri keur pusing, duit kabeh dipasrahkeun,
Pananggalan puasa, balik ngarit Si Inen nyampak semah di imahna, Si Kasja nyampeuran Si Inen jeung indungna. Indungna ngarangkul bari ceungceurikan. Tatangga rabul, kaget ngadenge nu midangdam. Geus puguh nu sosonoan mah leungit waeh kahariwang teh. Si Kasja nanyakeun bapana, tapi bapana geus maot tuluy. Si Inen mah teu dikirim papakean jadi,kaputeunana wae, da teu kacipta degdeganana cenah, bisi teu meujeuhna. Nuturkeun urang Panumbangan cenah, nu sok dagang mulang ka Palembang. Meunang opat taun ngagandek. Sanggeus apal kana jalan dagang, tuluy diajar macakal. Sarerea saregep pisan ngabandungan nu nyaritakeun lalakon ngumbara, bisa balik mawa kabungahan.
Malem lebaran dapur imah Si Inen haneuteun, Indungna ngeprek wae olah ti beurang keneh. Si Inen jeung lanceukna marindang, dirubung-rubung ku babaturanana bari nyareungeutan pepetasan diburuan.
Peuting harita Sanukri hujan cimata, diimahna ukur sacaang caang ku cempor, hatena poek mongkleng teu jiga lebaran taun kamari.