Jumat, 19 April 2013

RESENSI NOVEL SUNDA - YULIA EKA (32)

Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda

Wasta : Yulia Eka
Kelas  : XI IPA 6 (32)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No. 30
BALEENDAH, BANDUNG
2012-2013 



Judul                             : Laleur BODAS
Pangarang                     : Samsu
Wedalan                        : PT Kiblat Buku Utama
Perancang Jilid              : Deddy Subandi
Ilustrasi Jilid                   : Yusuf Afendi
Kandel Buku                 : 14,5 x 21 cm.; 188 kaca
Harga                            : Rp 20.000,-
Sinopsis                         :



Dina pabukon sunda aya sawatara carita anu disebut 'crita dekektip', diantarana diarah pati  beunang margasulaksana jeung Laleur Bodas beunang samsu. Samsu teh lain ngaran au saenyana tapi sandiasma anu diwangun ku engang mimiti jenengan duajalma anu nyusun eta carita, nyaeta Sambas jeung Susangka (ayeuna mah H. E Susangka). Kumaha ari margasulaksana?  Wallahu'alam. Gedekamungkinan eta oge sandiasma au nepi ka kiwari tacan kapaluruh saha jenengan anu saenyana. Eta dua carita disebut 'carita detektip', padahal urang pada terang yen dina eta dua carita, henteu aya detektip saurang-urang acan. Bisa jadi kulantaran aya anasir rahasiahna
            Detektip teh pulis atawa pagawe pausahaan jasa anu tugasna kalawan rerencepan maluruh hal-hal anu ditanyakeun ku langgananana. Lamun pulisi, biasana maluruh kajahatan (umumna rajapati) nepi ka nu ngalakukeuna kacerek. Sabada sag detektip meunangkeun bukti-bukti pikeub ngajagragkeun panjahatna ka pangadilan, rta penjahat teh ditangkep. Tapi ari detektip pausahaan swasta anu nawarkeun jasa pikeun mangmaluruhkrun sagalarupa hal pikeun kapentingan langgananana, henteu salilana (malah umumna mah henteu) aya patalina jeung kajahatan. Di sawatara nagara, aya pausahaan detektip nu diantarana mangmaluruhkeun kaayaan calon salaki atawa kulawarga calon pamajikan anak anu menta dipangmaluruhkeun jeung pibesaneun teh. Aya oge anu menta dipangmaluruhkeun naha enya salaki atawa pamajikanana sok nyolowedor, pangpangna pikeun dijadikeun bukti lamun ek pepegatan.
Dina pabukon kulon memang aya golongan carita anu nyaritakeun hiji tokoh pulisi anu jadi detektip nyanghareupan  rupa-rupa kasus kajahatan, pangpangna nu mangrupa rajapati. Pangarang anu geus sukses ngajaulkeun hiji tokoh detektip nepi ka dipikaresep ku nu macana, tuluy nyieun seri carita anu nyaritakeun eta tokoh ngabongkar rupa-rupa kasus kajahatan. Tokoh-tokoh Sherlock Holmes karangan A. Conan Doyle pangarang ti Inggris jeung Inspektur Maigret (dina karangan-karangan pangarang Prancis George Simenon), Inspektur Poirrot (dina karangan-karangan pangarang wanoja Inggris Agatha Christie)
            Pangarangna nepatken carita laleur bodas jiga kajadian di kuningan. Sangkan jiga, patepungna lili jeung basri peuting-peuting basa merego Sumarni bobogohan jeung Didi, disebutkeun di Haur Duni; wallahu'alam aya heunteuna mah eta patamanan teh. Sabab sanyatana, eta carita teh bisa bae kajadian di tempat sejen, lain di kuningan, da henteu aya kajadian atawa alur caritana anu memang kudu Kuningan. Ari Sababna matak milih Kuningan mah, kateguhna babari, eta meureun dumeh pangarangna duanana oge tedak kuningan.
Kaleuwihan        : Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti, caritana matak panasaran jeung pinunjul, caritana pakait rapih, caritana hese ditebak, pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas, carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.
Kakurangan        : Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun hiji kulawarga. Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna.