Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda
Wasta : Dian Resmiati
Kelas : XI IPA 6 (04)
SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013
Jejer buku
: Panganten
Panulis :
Deden Abdul Aziz
Pamedal :
PT Kiblat Buku Utama
Citakan :
Citakan ka-2, Jumadil Akhir 1431 H./Juni 2010
Kandel buku
: 99 kaca
Novel
Panganten hasil karancage literer Deden Abdul Aziz nyaritakeun kahirupan kaom
rumaja nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Rinrin minangka,
tokoh utamana dina ieu novel boga kabogoh anu ngaranna Iyang alias Gumilang.
Iyang teh maot gara-gara OD di Cipanas. Leungiteun ku Iyang, rinrin layeut jeung
Ben babaturan sakamarna Iyang. Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow. Di
Partenon teh Rinrin jeung Suminar sok ngaroko jeung nguyup arak. Saking
layeutna Rinrin jeung Suminar teh sok diajak maok ka unggal Mall jeung sok sare
bareng di Partenon. Tapi Suminar teh maot, maotna teh ku lantaran aborsi, da
keur kakandungan teuing ku saha. Dina pamustungannana Rinrin gé hayang kawin
teuing ka saha jeung teu jelas sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik,
sanggeus Rinrin nelasan manéh tepi ka hanteuna,manéhna ngarasa geus laksana
papanganténan.
Novel
Panganten teh mere nyaho ka urang yen kahirupan urang teh geus di atur ku Nu
Maha Kawasa. Tapi dina novel panganten ieu ngandung kata-kata kasar jeung
jorok, nu teu pantes lamun di baca keur budak leutik mah.
Sanggeus
maca novel ieu, para rumaja bisa ngabedakeun mana kalakuan anu hade jeung mana
kalakuan anu goreng.