Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda
Wasta : Ulqi Hibar
Kelas : XI IPA 6 (30)
SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013
Jejer
Buku
: Buron
Pangarang
: Aam Amilia
Pamedal
: Pustaka Amaldi
Taun medal
: Citakan
kahiji, Juli 1983
Citakan kadua, Juli 2006
Citakan katilu, Maret 2009
Kandel Buku
: 159 kaca
Ringkesan carita :
Novel Buron téh nyaritakeun ngeunaan kahirupan
rumah tangga Andika jeung Umi Sumirah anu geus tilu taun lilana.
Andika téh pangalana ukur tina nulis jeung
sakapeung sok buburuh narjamahkeun artikel atawa nyusun skripsi
mahasiswa-mahasiswa. Manéhna deudeuh pisan ka Umi. Naon waé dilakonan demi
ngabungahkeun Umi. Sanajan kitu, Manéhna sok ngarasa dosa lamun mangnyieunkeun
skripsi batur lantaran ngarasa geus ngabobodo nagara ku beuki lobana
sarjana-sarjana nu make skripsi lain jieunan sorangan. Nepika di hiji poé,
naskah Manéhna di tolak ku rédaksi. Padahal Manéhna hayang pisan ngabungahkeun
Umi ku nyumponan angen-angen nu dipikahareup ku Umi. Minuhan imah ku parabot
anu di beuli ku Manéhna sorangan.
Tapi teu lila ti éta Andika ditawaran mémérés
susunan kalimah acak-acakan dina buku palajaran keur barudak SD ku Partuji.
Pagawéan anu teu sabaraha bari gajih gedé. Singhoréng éta tempat gawé Manéhna
téh mangrupakeun sindikat narkotika. Buku nu dijualna mah ukur sapeuti, séjénna
mah lain buku. Lantaran ku kitu, manéhna jeung Umi pindah ka kampong. Manéhna
ngarasa geus jadi buron.
Di kampong téh Umi ngarasa teu betaheun. Tuluy
Andika nitah Umi pikeun ngasupkeun naskah nu make ngaran Umi ka panerbit di
kota. Sanggeus kitu, ngaran Umi Sumirah téh jadi kasohor sangkan pangarang
wanoja di éta kota. Di kota éta, Umi kapanggih jeung pangarang bageur nu
ngaranna Asmara. Tuluy Asmara téh resepeun ka Umi. Ngan hanjakal Umi téh
keukeuh embung lantaran geus boga salaki di kampung.
Dina hiji poé, gunung di kampong Umi téh bitu.
Andika salaku salakina téh ngaleungit. Umi anu meunang karangan ti Andika geus
teu biasa nanaon. Manéhna kabur ka salah sahiji kampong lantaran sieun ku
wartawan nu tatanya ngeunaan kahirupan Manéhna.
Di kampong éta téh Umi nyumput ti serbuan wartawan.
Saking ku sieunna ka wartawan, Manéhna di anggeup jelema gélo. Tapi untungna
aya dokter bageur anu nulungan jeung ngadatangkeun Asmara nu mére nyaho kaayaan
Andika. Sanggeus kitu nganterkeun Umi kapanggih jeung Andika.
Carita ieu saliwat kagambar ku urang lantaran
basana nu gampang ka harti ku urang nu maca. Caritana ogé ngandung
atikan-atikan nu bisa dijadikeun pedoman hirup ku nu maca. Mung dina buku ieu
ogé aya kakirangan sapertos pungkas caritana anu rada ngagantung. Tapi
disagigireun éta, ieu carita téh alus.