Selasa, 07 Mei 2013

Resensi Novel Sunda - Shintya Eka P (22)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : Shintya Eka Purnama Sari
Kelas  : XI IPA 6 (22)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013 

RESENSI NOVEL “BABALIK PIKIR”

Judul             : Babalik Pikir
Pangarang         : Samsoedi
Panerbit          : Girimukti
Kaping terbit     : 1932
Jumlah kaca      : 72 kaca
Kategori          : Novel
          
Novel ieu nyaritakeun hiji budak anu nu ngarana si Emed. Si Emed teh di ogo ku indungna. Ari tabe’atna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, mun dititah  kacida liwarna. Karesepna ngan ulin ampleng-amplengan. Alatan pamolahna anu sok musingkeun tea, tur sagala kahayangna kudu bae kacumponan.
Si Emed eta dititah ngalakonan hal leutik wae tara baleg. Ku baong-baongna si Emed bapana nepika maon kapacok oray kusabab neangan si Emed peuting-peuting. Si Emed ngarasa salah pisan kulantaran maotna bapana, tapi rasa salahna teh teu lila, si Emed tetep jadi jelema baong jeung bengal ka indungna.
Hiji poe si Emed indit ti imahna kusabab pundung ka indungna kulantaran teu dipangmeulikeun pepetasan jeung papakean lebaran, padahal indungna teu pangmeulikeun manehna kulantaran salah si Emed sorangan nu kamalingan basa rek meuli pepetasan di pasar baru.
Dina kaburna, si Emed meunang pangalaman anu kacida gedena. Timimiti ngangon meri, disangka maling nepika di bawa ka pangbuian barudak di Samarang. Di pangbuian barudak eta si Emed menang rupa-rupa pangajaran kuli, tapi si Emed pangresepna kana manday beusi, di dinya oge si Emed manggihan sobat anu satia, ngarana si Joko. Hiji poe, si Joko meunang balik ti pangbuian, kusabab manehna geus 18 taun, si Joko ngajakan nu teu baleg ka si Emed sangkan kabur ti pangbuian kucara digulung make samak, si Emed asalna embungeun, tapi lila kalilaan mah daekeun. Dicaritakeun yen si Emed jeung si Joko bisa kaluar ti pangbuian tanpa kanyahoan mawa si Joko dina buntelan samak. Di Jalan rek balik beus anu ditumpakan kacilakaan, dina kacilakaan eta si Joko maot, atuh si Emed teu boga sobat deui jeung hirup sorangan deui. Basa si Emed keur kalaparan si Emed papanggih jeung tukang bajigur nu kacida bageurna, si Emed hirup jeung tukang bajigur eta nepika boga pagawean manday beusi di bengkel. Sanggeus kitu si Emed balik ka lembur anu ditinggalkeuna pikeun papanggih jeung indungna anu geus lila teu papanggih.

Kaunggulan novel :
ü    basana babari dipikaharti.
ü    Novel ieu oge ngandung nilai-nilai kahirupan sapopoe.

Kakurangan novel :
ü    Tungtung caritana kurang rame.

Pesan anu bisa di bawa tina ieu novel nyaeta

Ulah boga kalakuan jiga si Emed dinu carita tadi. Si Emed mangrupakeun tokoh nu mere conto yen lamun ngedul, baong jeung Bengal kakolot teh teu alus jeung urang bisa meunang balesana, masih untung di balesna didunia, lamun didunia urang bisa sadar kana kasalahan jeung jadi jelema nu leuwih hade, tapi coba lamun dibales diakherat, ulang moal bisa kukumaha. Kakurangan novel ieu hampir eweh, tapi mun ditilik tina jumlah kacana, carita ieu jiga nu lain ditujukeun pikeun rumaja, padahal carita ieu nyerminkeun rumaja pisan anu labil jeung maksakeun kehayang sorangan.
Manfaat tina novel ieu nyaeta sasaha anu mawa karep soragan teu jeung bebeneran sarta doraka kanu jad indung jeung bapa, engkena sok sangsara.