Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda
Wasta : Tiara Suci
Kelas : XI IPA 6 (28)
SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013
Jejer buku : Paturay Tineung
Pangarang : Muh. Sapari sareng
Diah Ansori
Panerbit : Nurani
Taun terbit : 1967
Kandel buku : 60 kaca
Rusmadi sareng emana linggih di
Bandung. Ai bapana mah, tos tujuh welas taun lebeng taya kabarna, ti keur
Rusmadi umurna opat taun. Cenah mah bapana teh dibui lantaran nandasa Juragan
Satya. Kitu oge lanceukna, ngiles tara raratanana, bareng jeung maotna Juragan
Satya--dina peuting eta keneh.
Hiji poe, Rusmadi
meunang surat ti Rosdinar anu aya di Majalaya. Ngakuna mah, anjeunna teh urut
babaturan Achmad, lanceukna Rusmadi. Sabab panasaran, Rusmadi indit ka
Majalaya. Di Majalaya, salian ti nepungan Rosdinar tea, Rusmadi papendak sareng
Jun-Jun sareng Nining. Kadituna, Jun-Jun sareng Nining boga rarasaan ka
Rusmadi. Saha nu dipilih ku Rusmadi? Tiasakah Rusmadi papendak deui sareng
lanceuk atawa bapana?