Senin, 22 April 2013

Resensi Novel Sunda - Mushthofa M I (08)

Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda

Wasta : Mushthofa Munawwirul I
Kelas  : XI IPA 6 (08)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013 


Jejer                      : Carios Agan Permas
Panulis                  : JOEHANA
Pamedal              : Girimukti Pasaka
Cetakan               : Cetakan ka 2
Tempat Terbit   : Jakarta
Taun Terbit         : 1996
Kaca                       : 192 hlm, 21 cm


                Novel ieu nyaritakeun hiji kulawarga nu miskin nu hirup di Kiaracondong, dina kulawarga eta kacaritakeun Bapa Imba anu kerja keras neangan panghasilan jang ngahirupan kulawargana. Bapa imba ngabogaan istri ambu Imba nu satia jeung ngabogaan 2 anak, nu kahiji nyaeta Imas nu geulis jeung resep dandan pagaweanana nu hiji deui namina Ena nyaeta adina Imas. Awal caritana bapa imba teh nginjeum modal jang meuli sawah ka Haji Serbanna nyaeta jalma Benghar nu kasohor boga istri 4. Eta modal teh dipake ngurus sawah tapi bapa imba kalanda musibah sawahna kaserang kuhama, kulawarga imas sedih pisan teu bisa malikkeun duit injeuman ka Haji Serbanna, tuluy sawah teh di pelakan lauk ku bapa Imba tapi sawah teh ka caahan nepi ka laukna laleungitan, bapa imba bebelaan huhujanan ningali eta lauk nepi ka geringna.
Isukna haji serbanna datang nagih hutang ngan kusabab teu bisa mayar  imahna disita mun teu imas kudu jadi istrina haji serbanna, lila lila panyakit bapa imba beuki parah nepi ka maotna, haji serbanna datang ka imah imas deuk nikahkeun imas jeung otong nyaeta anak buahna kusabab haji serbanna teu bisa nikah deui, kusabab teu resepna otong ka haji serbanna, haji serbanna dilawan ku otong jeung ahirna otong teh kawin jeung imas. Tuluy imas ngabogaan anak dingaranan Brani. dina awal carita geus kacaritakeun loba konflik, saenggeus ie loba deui konflik nu kacaritakeun dina novel ieu teh.

Karesepna simkuring maca ieu novel teh, sipat tokoh nu mangrupa jeung unik sangkan novel teh jadi rame, jeung konflik konflik jeung caritana aya sedihna aya ambekna aya oge gumbirana. Pesen pesenna oge seeur pisan nu tiasa ditampi ku simkuring.

Kakuranganna novel ieu teh teu aya gambarna sakedik acan, kadang aya basa nusesah dipikaharti.