Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda
Wasta : Rega Erlangga
Kelas : XI IPA 6 (12)
SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013
Jejer : Sanggeus Umur
unggang Gunung
Panulis : Rudy Sy
Pamedal : PT.Kiblat
Citakan : Ka-1
Kandel Buku : 95 Halaman
Kakurangan : Seueur
bahasa nu rada jorok sareng ngeusikeun kalakuan nu kirang sae pami dibaca ku
budak
Kaleuwihan : Carita
mikat nu maca matak betah sareng aya kalakuan saurang istri nu mulya nu bisa
dipikaconto ku nu maca
Sinopsis :
Dina
novel ieu ngisahkeun saurang jalma nyaeta ras japarana nu jadi pa kuwu nu sok
kuasa, nu dina panungtung hirupna beunang sangsara lahir jeung batin, sarta
ngahadapkeun manehna dileungeun jalma nu pernah didzoliman ku manehna sorangan
nyaeta istrina nu dinyenyeri nyaeta kumanehna salingkuh jeung janda geulis nyi
Amilah. Manehna oge beunang karma kalumpuhan gara-gara sok hampang leungeun ka
batur nyaeta ka Jumad sareng ka Uro atawa sok digeroan Bang Kenyod sareng Bang
Toge. Manehna ngagaplok duanana diacara hajatan anak haji muhidin nu ngajieun
panas tiris teu bisa gawe dua poe eta siJumad jeung siUro. Tuluy balik ti dinya
manehna indit jeung janda geulis kaimahna tuluy muaskeun nafsu bejatna. Tapi Pa
Kuwu jol-jol nyeuri awak asa caroplok ramo ngagorowok, eta Nyi Amilahrewas
tuluy menta tulung ka warga dibawa we kaimahna Pa Kuwu teh. Eta Pa Kuwu teu
cageur lila dua bulan tapi saprak geus menta hampura ka Jumad sareng Uro eta
langsung cageur. Tapi teu cageur ari panyakit hatena mah da tuluy wae salingkuh
jeung hampang leungeun ka batur. Tungtungna manehna bangkrut jeung teu boga
nanaon jeung sasaha, manehna sanggeus puluhan taun gering ripuh hayang panggih
jeung Jumad hayang mereskeun dosa. Tungtungna manehna ngarasa sarba salah jeung
teu ngenah rarasaan ka batur.