Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda
Wasta : Rizka Khoirunisa
Kelas : XI IPA 6 (17)
SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013
Judul
:Lembur Singkur
Pengarang : Abdullah
Mustappa
Penerbit :
Giri Mukti
Kandel buku : 60 kaca
Hak cipta : All
Right Reserved
Taun medal : - Citakan ka-1
mitra kencana 1979
Ringkesan carita:
Lembur singkur,
lalakon kapeurih jeung kasedih, jaman pasisian Tatar Sunda ririwehan alatan
mahabuna gorombolan. Kulawarga paburantak, nu jadi bapa indit ka gunung
ninggalkeun pamajikan. Tokoh kuring, hiji budak lalaki anu ditinggalkeun ka
gunung ku bapana, kudu ngalaman nyaksian indung katut dua lanceukna milu
kabarérang, waktu lembur singkur dilemahirengkeun ku gorombolan. Sabab, kitu
ceuk anggapan tentara, peristiwa dijoragna éta lembur téh aya patalina jeung
bapana téa.
Ieu novel mangrupa hiji carita anu pikasediheun jeung
pikahawatireun. Nyaritakeun hiji budak anu ngabogaan 2 lanceuk hirup ngan duaan
jeung indungna di imahna di hiji desa anu jauh ku raramean kota. lantaran 2
lanceukna mondok di lebak ngamankeun diri tina gorombolan tapi manehna ngan
duaan di imahna lantaran indungna nolak di ajak mondok ka lebak. Ieu budak teu
nyaho pisan kana saha nu jadi bapana. Lantaran ti leuleutik kulawargana geus di
tinggalkeun ku bapana nu jadi gorombolan DI di leuweung. Dina hiji peuting
bapana datang ka imahna bari susulumputan, tapi manehna teu nyahoeun yén nu
datang téh bapana, jeung ngan saukur semet renyem-renyem ningali anu datang
éta.
Hiji waktu
manehna jeung indungna indit ka sawah. Indungna mawa bekel loba tuluy kusabab
indungna nu disebut ema téh ninggali aya pamariksaan ku gorombolan manehna
reuwas jeung para gorombolan curiga ka si ema. Jeung kusabab para tantara nyaho
yén suami ema ngilu jadi gorombolan disangka yén bapa téh jadi mata-mata. Si
ema di pariksa jeung di bawa ka markas para gorombolan. Gorombolan nahan
ema neupika peutingna, jeung eta budak ngan bisa nungguan diluar. Teu lila
salasahiji lanceukna datang ka markas eta, tuluy mawa balik eta budak. Eta
budak téh loba rasa prihatin jeung hawatir ka emana, naha ema lila di markas
tantara eta. Isukna ema dipulangkeun ka imah.
Geus lila tina
kajadian éta, gorombolan nyerang ka desa éta. Loba tetmbakan wuwuh rame. Loba
jelema nu nyumput dina lombang. Kaayaan des acing paburantak teu tenang. Hiji
waktu ema di teangan ku OKD (Organisasi Keamanan Desa), ku sabab di curigai yén
suami ema sok datang susulumputan ke imahna. Tuluy ema di bawa ka kantor OKD
nepi ka mengpirang-pirang poé. Budakna di pihapekeun ka salasahiji anggota OKD.
Geus lila aya di kantor OKD ema di kaluarkeun.
Sanggeus kajadian
eta, sanggeus desa jadi aman aya kabar yén nurutkeun rencana poé éta rek aya
sababaraha pasukan ti leuweyng nyaeta nu jadi bapa nu biluk ka gunung bakan
tarurun balik ka lemburna kaasup nu jadi bapa. Ema jeung budak téh bungah pisan
jeung si budak geus lila hanyang apal kana nu jadi bapa. Tapi geus lila ema
neangan nanya kaditu-kadieu, ngan aya hiji kabar yén nu jadi bapa téh tatu tur
parna (maot).
Dina carita eta, boga kaleuwihan nyaeta nyaritakeun carita anu nyayat kana ati
jeung ngagambarkeun kaayaan baheula nu karandapan ku masarakat pilemburan
di tatar sunda anu tragis jeung pikawatireun. Méré pelajaran jang barudak ngora
anu ayeuna hirup di tatar sunda yén kahirupan baheula téh bener-bener
pikasediheun jeung pinuh ku derita, teu siga jaman ayeuna. Jeung eta kajadian the mangrupa kajadian anu bisa waé
nini-aki urang ngalaman kaayaan éta.
Tapi dina aya
kaleuwihanana, aya ogé kakurangannana, nyaeta carita ieu teu nyebutken saha ari
ngaran nu jadi budak lalaki anu jadi tokoh utama dina ieu carita, jeung teu
dicaritakeun naon sababna 2 lanceukna heunteu sare di imahna.