Kamis, 16 Mei 2013

Resensi Novel Sunda - Kamaluddin M (05)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : Kamaluddin M
Kelas  : XI IPA 6 (05)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013



Jejer                      : Nyi Kalimar Bulan

Panulis                  : Usep Romli

Panerbit               : Cupumanik
Citakan                 : Ka-2
Kandel Buku       : 40 kaca
Kakirangan          : Babasaanana seeur keneh nu kirang dipikaharti ku budak ngora jaman ayeuna.
Kaleuwihan        : Caritana rame, ngareunah keur diregepkeun, ngandung atikan moral.
Sinopsis                :
                Dina hiji leuweung geledegan, aya sapi bikang. Sapi eta katelah Lembu Wulung, buluna hideung meles. Lembu wulung teh lain sapi biasa, tapi kajajaden widadari ti sawagara maniloka, nu di tundung ku batara indra. Dina hiji waktos, brol weh Lembu Wulung ngajuru Orokna manusa. Awewe. Pakulitanana mulus, rurupaanana geulis. Moncorong cahayaan kawas bulan opat belas. Sabab ku kituna, orok eta teh dingaranan bae Nyi Kalimar Bulan.
                Saprak orok eta lahir, Lembu Eulung henteu ngarasa keueung teuing. Boga batur ulin, orok cooeun. Boga batur ngomong. Saban isuk, Nyi Kalimar Bulan diajak hao hakeng. Beuki lila beuki bentes. Nepika bisa make basa manusa biasa.
                Umur sataun teh pangawakan Nyi Kalimar Bulan teu beda jaug jeung jalma nu umur duabelas taun. Pikeun tempat padumukan, Lembu Wulumg ngahaja dekar-deker nyieun saung. Wedel Pisan. Make tihang kai balokan, pantona tina papan karandel.
                Unggal poe, upama lembu wulung indit nyiar dahareun, Kalimar bulan disina cicing dijero. Panto saungna sina dikoncian pageuh pisan. Teu meunang sagawayah dibuka, kudu lamun indungna datang bari ngagero ku hariring:
                                “Nyi Kalimar, Nyi Kalimar
                                ieu ema enggeus datang
                                geura buka tulak panto
                                babawaan geura boro”
                Dina hiji poe, aya awewe tukang ngala suluh, ngarana Nyi Rukimi, nu sasab ditengah leuweung. Kukurilingan teu manggih jalan balik nepika beak tanaga. Gek weh diuk dina akar tangkal kai nu teu jauh ti hareupeun saungna Lembu Wulung. Harita the Lembu Wulung karek asup pisan ka jero saung bari dipapag ku Nyi Kalimar nu muka jeung nutupkeun panto. Saliwatan, rupa Nyikalimar Bulan katempoeun ku Nyi Rukimi. Atuuh Nyi Rukumi the reuwas ngorejad naha di tengah leuweung kieu aya jalma nu rupana geulis kabina-bina.
                Dina hiji waktu Nyi Rukimi nyampeurkeun Nyi Kalimar Bulan, ngabageuran weh ngabageuran ka Nyi Kalimar, padahal mah niatna bade ngahasud Nyi Kalimar sina milu jeung manehna ka kampung nu loba jalmaan, sabab ceuk nyi rukimi dina jero hate, “di kampung ge can aya awewe nu sageulis nyikalimar bulan”, jadi mun manehna bisa mawa nyi kalimar ka kampong, hirup nyi rukimi bakal bagja sabab bakal loba jalma tajir anu kapikat ku nyi kalimar nu dibawa ku manehna.
                Isuk-isukna pas Lembu Wulung indit, nyi Kalimar diajak ku Nyi Rukimi ka kampung, tapi Nyi Kalimar sieun bisi diteang ku Lembu Wulung. Terus weh ku Nyi Rukimi the dihasud “hayu ah urang angkat ayeuna nyi, engke sore ge uih deui” . 
                Sanggeus Nyi Kalimar ka hasud ku Nyi Rukimi, dibawa weh Nyi Kalimar the ka kampung. Sanggeus nepi di kampung, loba pisan jalma nu merhatikeun Nyi Kalimar bari olohok kasima ku kageulisan Nyi Kalimar Bulan. Nyi Kalimar beuki weh betah di kampung sabab rame rea jalma anu alulin senang-senang teu siga dileuweung, keueung tiiseun.
                Saking ku betahna di kampung, ai ten kaburitan bade uih deui ka laeuweung the. Tuluy ku Nyi Rukimi dihasud deui “keun nyi isuk deui balik mah, ayeuna mah burit teuing, keun nyai sare di bumi embi, keun sapeuting mah kolot ge moal ngarasa kaleungitan”.              
                Ai ten di leuweung, pas Lembu Wulung balik ka saungna, pantona geus muka, Nyi Kalimar tos teu aya disaung. Diburuan saung, breh tapak suku jelma. Lembu Wulung nyidik-nyidik, “der the anak urg diculik jalma” ceuk Lembu Wulung. Lembu wulung terus nyusud eta tapak suku teu miduli burit teu miduli poek.     
                Wanci janari leutik, Lembu Wulung anjong ka deukeut imah Nyi Rukimi. Aambeunana geus bisa ngayakinkeun boh dijero imah eta aya Nyi Kalimar Bulan. Disauran weh Nyi Kalimar the ku Lembu Wulung bari ngagero di hariring.         
                Ngadenge sora indungna, Nyi Kalimar curinghak, rek pisan nyampeurkeun kaburu di ongkak ku nyi rukimi “jep nyi tong nyora tong nyampeukeun, bahaya bisi matak bala ka diri urg,jaba ieu the tengah peuting”. ‘tapi eta sora ema” ceuk nyi kalimar. “laiiin, manya wayah kieu datangna, nu ay age wayah kieu mah jurig. lamun enya ge nyai langsung nyampeurkeun moal gegeroan ti kajauhan” hasud nyi rukimi. “kumaha atuh embi ?” nyi kalimar lumengis. “nya embi mah kumaha karep nyai. kasenang geus karasa ku nyai, beda hirup dikampung jeung dileuweung. barina ge eta mun lembu wulung  ema nyai mah moal mungkin, nyai apanan jalma, Lembu wulung sato, jalma jeng sato beda, manya sapi boga budak rupa jalma, moal mungkin, paling ge eta mah ngaku-ngaku jadi indung nyai” hasud deui nyi rukimi.
                Gero deui Lembu eulung nyelukan. diwaler ku nyi kalimar “moal, moal balik”. “nyai, apan ieu the ema nyaii” lembu wulung ngagero deui. “lain, lain ema kuring! ema kuring mah aya di dayeuh,kuring jalma, anjeun sapi, mustahil jelma indungna sapi!” ceuk nyi kalimar bari cucungah, lantaran terus dihasud ku nyi rukimi.        
                lembu wulung ceurik baliliahan. kaayaan bumi alam keur sepi tentram, ujug-ujug genjlong gunjang-ganjing, diendang lini sapatala. kanalangsa lembu wulung jadi sora gulugung ambal-ambalan, cipanonna jadi hujan badag. jadi caah leb-leban. Malidkeun imah nyi rukimi jeung eusi-eusina. Nyi rukimi jeng nyi kalimar bulan jejeritan menta tulung taya nu nulungan. nyan sakeudeung, awakna kokoleaban ka muara, tuluy ancur digulung ombak sagara.


                waktu kaayaan geus jempling deui, lembu wulung pada nyambat ku widadari-widadari ti langit. diajak mulang ka kahiyangan.