Kamis, 16 Mei 2013


RESENSI NOVEL Sheny (21)

Wasta                            : Sheny Indri  Seftiyani
Kelas                              : XI IPA 6
Jejer Novel                     : Demung  Janggala
Pangarang                  : Tatang  Sumarsono
Pamedal                       : CV.Geger Sunten
Citakan  Kahiji            : Agustus 1993
Citakan Kadua            : Mei 2011
Kandel  Buku               : 232 kaca
Gambar  Jilid               : Ayi  Sacadipura
Ringkesan  Novel                   :

          Dina hiji waktu,saluyu sareng amanat ti Senapati Suranangga Suryapamungkas sareng lanceukna Listayuwangi dibawa ngaloloskeun diri ku pangasuhna Mamang Jalaprang katut istrina Si Ibi. Kumargi di Dayeuh nuju aya riributan. Mung,isukna anu ngaloloskeun teh kaberik ku musuh. Raden Emung luncat ka walungan tuluy kabawa palid,ari Mamang Jalaprang tiwas katiruk tumbak tuluy layonna teh dipalidkeun ka walungan. Sedengkeun Enden Ayu sareng Si Ibi dijanteunkeun boyongyan.
          Isukna,layon Mamang Jalaprang kapendak ku tukang rakit tuluy dikurebkeun ku urang pameuntasan. Ka lebah girangna Raden Emung kapendak ku tilu urang karaman nyaeta Si Bewos,Si Joban sareng Si Jangkung. Raden Emung tuluy dikukut ku Si Bewos nepi ka gede. Si Bewos sareng istrina nyaaheun  pisan ka Si Emung.
           Nincak ka rumaja,Emung ngarubah ngarannya jadi Demung Janggala. Ti saprak Demung apaleun yen bapak kukutna teh karaman,Demung ahirna ngiluan jadi karaman. Ari sababna teh hoyong mulangkeun kanyeri sareng nanjeurkeun harga diri.
           Demung sareng babaturanna nyerang pademangan anu keur raramean anu nyebabkeun bapak kukutna diraponan tuluy dihukum teukteuk beuheungna. Bapak kukutna nyusul indung kukutna anu tos ngantukeun basa Demung indit teu balik-balik.
          Listayu anu janten boyongyan,ayeuna ngajubleg. Si Ibi anu tara jauh ti manehna geus dengkak ngajejegkeun deui ingetannana. Dugi ka hiji waktu,datang Senapati Sungsang Pamangger. Listayu dijait,tuluy ditempatkeun di hiji tempat,diurus  dugi ka damangna. Ari sababna kitu teh Pamang Sungsang hoyong mulang tarima ka Akang Suranangga anu kantos nyalametkeun dirina. Kumargi,Senapati Suranangga sareng istrina tos teu aya di kieuna janteun pamales teh ditamplokkeun ka Listayu.
          Di jaman dalem anyar  Listayu ditempatkeun gigireun bumi Paman Sungsang sareng Embi Teja. Listayu diaku alo pituin ti Cihaur ku Paman Sungsang,tuluy diganti namina janten Lismaya sungkan ulah kabongkar yeun Listayu teh putrana Senapati Sungsang. Listayu pernah dijodohkeun ka Cutak Cikalongwetan,mung ahirna Listayu teh nyarengan Kangjeng Pangawulaan di Padaleman.
          Dina hiji waktu,Demung sareng babaturanna nyerang aleutan ti Padaleman. Demung ngajenghok barang ningal istri di lebet tandu. Eta istri teh mirip sareng aceukna. Isukna,Demung dibaturan ku Mamang Joban sareng Mamang Jangkung nyamar janten tukang dagang tuluy arangkat ka Dayeuh. Maksadna mah hoyong mastikeun istri nu basa eta teh aceukna sanes. Ahirna Demung nimu bumi Si Ibi pangasuhna. Si Ibi reuwaseun pisan dugi ka teu percayaeun yen lalaki anu dipayuneunna teh Raden Suryapamungkas,anak asuhna. Ku Emung diyakinkeun dugi ka Si Ibi percaya. Demung nitip saur kaaceuk yen Emung masih aya di kieuna.
          Sababaraha minggu,Demung datang deui ka bumi Si Ibi. Mung saurna Enden Ayu teh teu percaya. Dugi Demung tos teu walakaya deui,Listayu teh kersa nepangan Demung. Barang amprok,Listayu nyuhunkeun bukti anu tetela. Di caritakeun sagalana ku Demung,Listayu langsung ceurik kanyenyerian bari nangkeup pageuh adina nu dipicangcam.
          Di wengi kadua,Listayu nepangan deui adina bari mawa anakna nu alit. Da Demung hoyongeun patepang sareng alo-alona. Ayeuna jalan hirupna tos beda. Demung moal ngaganggu aceukna. Basa Liustayu bade wangsul ka Padaleman,teu disangka Kangjena Pangawulaan tos aya dipayunneun. Listayu ukur bias nginghak ceurik.

Kasaean  Novel            : Ngagambarkeun kahirupan sapopoe  ngandung  atatikan moral  ceminan urang sadaya . carita teu ngaboseunkeun janten anu maca teh hoyong teras maca dugi ka ahir.

Kahengkeran Novel     : Seueur basa anu nembe dipendakan janten  sesah dipihartosna . teu aya daftar isina.

Amanat                        : Ngandung atikan moral yeun urang ulah miara kaceceb . Urang kudu silih hampura,silih nyaah. Dina lalampahgan oge kudu milih-milih ulah nepi salah ngalengkah,urang kudu sabar jeung tawakal.