Rabu, 29 Mei 2013

Resensi Novel Sunda - Denis K (03)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : Denis Kurnia
Kelas  : XI IPA 6 (03)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013

Kamis, 16 Mei 2013

Resensi Novel Sunda - Ulqi Hibar (30)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : Ulqi Hibar
Kelas  : XI IPA 6 (30)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013

Resensi Novel Sunda - Kamaluddin M (05)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : Kamaluddin M
Kelas  : XI IPA 6 (05)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013


RESENSI NOVEL Sheny (21)

Wasta                            : Sheny Indri  Seftiyani
Kelas                              : XI IPA 6
Jejer Novel                     : Demung  Janggala
Pangarang                  : Tatang  Sumarsono
Pamedal                       : CV.Geger Sunten
Citakan  Kahiji            : Agustus 1993
Citakan Kadua            : Mei 2011
Kandel  Buku               : 232 kaca
Gambar  Jilid               : Ayi  Sacadipura
Ringkesan  Novel                   :

          Dina hiji waktu,saluyu sareng amanat ti Senapati Suranangga Suryapamungkas sareng lanceukna Listayuwangi dibawa ngaloloskeun diri ku pangasuhna Mamang Jalaprang katut istrina Si Ibi. Kumargi di Dayeuh nuju aya riributan. Mung,isukna anu ngaloloskeun teh kaberik ku musuh. Raden Emung luncat ka walungan tuluy kabawa palid,ari Mamang Jalaprang tiwas katiruk tumbak tuluy layonna teh dipalidkeun ka walungan. Sedengkeun Enden Ayu sareng Si Ibi dijanteunkeun boyongyan.
          Isukna,layon Mamang Jalaprang kapendak ku tukang rakit tuluy dikurebkeun ku urang pameuntasan. Ka lebah girangna Raden Emung kapendak ku tilu urang karaman nyaeta Si Bewos,Si Joban sareng Si Jangkung. Raden Emung tuluy dikukut ku Si Bewos nepi ka gede. Si Bewos sareng istrina nyaaheun  pisan ka Si Emung.
           Nincak ka rumaja,Emung ngarubah ngarannya jadi Demung Janggala. Ti saprak Demung apaleun yen bapak kukutna teh karaman,Demung ahirna ngiluan jadi karaman. Ari sababna teh hoyong mulangkeun kanyeri sareng nanjeurkeun harga diri.
           Demung sareng babaturanna nyerang pademangan anu keur raramean anu nyebabkeun bapak kukutna diraponan tuluy dihukum teukteuk beuheungna. Bapak kukutna nyusul indung kukutna anu tos ngantukeun basa Demung indit teu balik-balik.
          Listayu anu janten boyongyan,ayeuna ngajubleg. Si Ibi anu tara jauh ti manehna geus dengkak ngajejegkeun deui ingetannana. Dugi ka hiji waktu,datang Senapati Sungsang Pamangger. Listayu dijait,tuluy ditempatkeun di hiji tempat,diurus  dugi ka damangna. Ari sababna kitu teh Pamang Sungsang hoyong mulang tarima ka Akang Suranangga anu kantos nyalametkeun dirina. Kumargi,Senapati Suranangga sareng istrina tos teu aya di kieuna janteun pamales teh ditamplokkeun ka Listayu.
          Di jaman dalem anyar  Listayu ditempatkeun gigireun bumi Paman Sungsang sareng Embi Teja. Listayu diaku alo pituin ti Cihaur ku Paman Sungsang,tuluy diganti namina janten Lismaya sungkan ulah kabongkar yeun Listayu teh putrana Senapati Sungsang. Listayu pernah dijodohkeun ka Cutak Cikalongwetan,mung ahirna Listayu teh nyarengan Kangjeng Pangawulaan di Padaleman.
          Dina hiji waktu,Demung sareng babaturanna nyerang aleutan ti Padaleman. Demung ngajenghok barang ningal istri di lebet tandu. Eta istri teh mirip sareng aceukna. Isukna,Demung dibaturan ku Mamang Joban sareng Mamang Jangkung nyamar janten tukang dagang tuluy arangkat ka Dayeuh. Maksadna mah hoyong mastikeun istri nu basa eta teh aceukna sanes. Ahirna Demung nimu bumi Si Ibi pangasuhna. Si Ibi reuwaseun pisan dugi ka teu percayaeun yen lalaki anu dipayuneunna teh Raden Suryapamungkas,anak asuhna. Ku Emung diyakinkeun dugi ka Si Ibi percaya. Demung nitip saur kaaceuk yen Emung masih aya di kieuna.
          Sababaraha minggu,Demung datang deui ka bumi Si Ibi. Mung saurna Enden Ayu teh teu percaya. Dugi Demung tos teu walakaya deui,Listayu teh kersa nepangan Demung. Barang amprok,Listayu nyuhunkeun bukti anu tetela. Di caritakeun sagalana ku Demung,Listayu langsung ceurik kanyenyerian bari nangkeup pageuh adina nu dipicangcam.
          Di wengi kadua,Listayu nepangan deui adina bari mawa anakna nu alit. Da Demung hoyongeun patepang sareng alo-alona. Ayeuna jalan hirupna tos beda. Demung moal ngaganggu aceukna. Basa Liustayu bade wangsul ka Padaleman,teu disangka Kangjena Pangawulaan tos aya dipayunneun. Listayu ukur bias nginghak ceurik.

Kasaean  Novel            : Ngagambarkeun kahirupan sapopoe  ngandung  atatikan moral  ceminan urang sadaya . carita teu ngaboseunkeun janten anu maca teh hoyong teras maca dugi ka ahir.

Kahengkeran Novel     : Seueur basa anu nembe dipendakan janten  sesah dipihartosna . teu aya daftar isina.

Amanat                        : Ngandung atikan moral yeun urang ulah miara kaceceb . Urang kudu silih hampura,silih nyaah. Dina lalampahgan oge kudu milih-milih ulah nepi salah ngalengkah,urang kudu sabar jeung tawakal.


Resensi Novel - Sonia Dwi Octavianti (26)

Judul novel      : Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian
Pangarang      : Tatang Sumarsono
Pamedal          : CV GEGER SUNTEN Bandung
Taun medal     : Citakan kadua, Oktober 2007
Kandel buku   : 0,75 cm
Harga Buku     : Rp. 25.000,-
                     KOLÉBAT KUWUNG-KUWUNGAN KINASIH
   KATUMBIRIAN

      Buntari teu béda ti langlayangan anu keur kokoléaban. Beuki tarik angin, anu niupna, beuki luhur ngoléab ngapungna. Ari kuring naon? Boa-boa dianggap anginna.  Langlayangan anu keur ngoléab, sagemblengna bakal gumantung ka angin. Naha kuring rék jadi angin ririh, sangkan manéhna buru-buru ragrag  deui ka lemah titincakannana? Atawa, naha rék jadi angin lilimbungan, tepi ka manéhna terus mumbul, sarta engkena boa dimana bakal ragrag atawa nyangsangna?
Anjeun kudu bisa ngararampa diri sorangan. Saha sabenerna diri anjeun téh. Terus deuih sasar sing asak. Saha ari itu. Dunya anjeun jeung dunya itu téh pajauh pisan. Buntari téh ngan ukur kuwung-kuwung anu aya di langit. Mémang éndah lamun kasawang ti kaanggangan, tapi can tangtu bakal karasa jeung karampa wujudna lamun ku urang disampeurkeun. Kuwung-kuwung anu némbongannana ukur sakolébatan, ukur ngabibita bari pamohalan bakal bisa katéwak. Sabab, lamun langit geus cagra deui sabihari, kuwung-kuwung bakal leungit tina teuteupan. Anjeun nu geus neundeun harepan, tangtu bakal kuciwa.
Kitu saeutik sempalan novel Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian. Gunadi ketua senat mimiti papanggih jeung budak centil nu ngarana Buntari nyéta dina kagiatan POSMA. Unggal taun mahasiswa anyar jadi pangeusi kampus. Ti antara batur saentraganana ogé loba anu geus diwisuda. Sedeng manéhna, geus remen padangagonjak téréh meunang gelar MA, Mahasiswa Abadi. Loba teuing gagarapan, nguruskeun rupa-rupa kagiatan dewan mahasiswa jeung pecinta alam da itu tea geuning Gunadi resep ka gunung. Tungtungna kuliah mah kaluli-luli.
Buntari atoh pisan bisa deukeut jeung Gunadi sabab, ti baheula ogé Buntari ngaidolakeun Gunadi. Buntari sok maca artikel Gunadi tentang alam dina Koran da hayang téa jadi wartawan. Nya beuki jadi wé Buntari hayang deukeut ka Gunadi téh, ti mimiti nguntar-nganteur Gunadi, mantu biaya administrasi kuliah Gunadi, nepi ka ngabantuan Gunadi kaluar ti panjara. Atoh wé Buntari di layanan ku Gunadi téh.
Nénjo pamolahna kitu mah Gunadi kalah hareugeueun. Aya ku anéh-anéh teuing ieu awéwé téh, ceuk dina haténa. Bét asa ku kakaraeun aing mah. Cacak wawuhna karék mimingguan, pamolahna geus sakitu ahéngna. Komo mun geus mulan-malén dina itungan taun. Beu, pisakumahaeun teuing! Jaba budakna neangan perhatian pisan ka manéhna, céntil, céngéng, céréwed jeung ogoan deuih. Pikasebeleun! Najan Buntari ngajak ngobrol atawa ménta solusi ka Gunadi tapi nu ngabandunganna mah ngan ukur tiis – tiis wae.
Tapi,ku lila-lila Buntari méré perhatian anu leuwih ka Gunadi, barukna haténa teu bisa dibohongan yén manéhna gé boga haté. Tapi, manéhna ogé can narimakeun kaayaan yén  kahirupan Buntari jeung manéhna jauh béda. Buntari beunghar, anak pajabat, resep pésta, pasti wé geus jauh tina aturan-aturan jeung moral téh. Ah geus goréng wé éta pipikiran ka si budak ogoan téh, katambahan deui pageto pernah cicing di Amerika mangtaun-taun jeung lalaki.
Buntari lain calon anu pas jeung lelembutan. Kuring mah hayang keretas anu bodas, lain anu geus aya tapak nyurat-nyorét batur. Kitu anu jadi pilihan manéhna, sanajan dina nangtukeunnana teu béda ti nyanghareupan dilema. Da masing  kalah kumaha ogé, keukeuh teu bisa dipaling yén manéhna neundeun haté. Nya minangka balukar tina éta téh, batinna teu leupas tina bangbaluh.
Hiji poe Gunadi meunang surat. Barang bréh ngaran anu ngirimna, tétéla Buntari. Béréwék disoehkeun, eusina ukur tilu jajar, kaopat tanda tangan anu disambungkeun jeung titimangsa nulisna. “Kang Gun Gun, wengi énjing sumping nya ka bumi Tari. Tari bade tunangan sareng Tommy. Kehadiran akang dinanti-nanti sekali.” Deg karasa aya anu nonjok kana lebah angen-angenna. Meunang sajongjonan mah Gunadi ukur ngahuleng.
Ondangan geus dijieun, tinggal nungguan poe prakna éta nikahan téh. Tapi nyatana si pangarang teu ngijinan Buntari kawin ka Tommy. Tommy kacilakaan. Atuh éta budak ogoan téh sedih kabina-bina. Ti sapék éta kajadian Buntari tara nonghol jeung kuliah.
Nya ari Gunadi kacaritakeun karunya ka Buntari, manéhna manggihan Buntari, sugan wé bisa saeutik ngobatan haténa. Atuh Buntari ogé ngarasa rada kahibur ku datang jalma nu dipikaresep ku manéhna. Kasaha deui manéhna ménta tulung jeung cacarita kasedihannana lamun lain ka Gunadi.
Tungtungna Buntari cacarita yén manéhna keur hamil. Mun téa mah kungsi disamber gelap tengah poe éréng-éréngan jigana Gunadi téh. Pangpana mah nu disangka ku Gunadi yén  Tari téh geus teu bener gadis jeung bangor ti baheula, nyatana salah, Tari kagoda ku kalakuan butut Tommy saeunggeus maranéhanana tunangan, da kitu sotéh pédah geus ngarasa deukeut kana poe nikahna. Buntari ayeuna bingung kudu kumaha. Nya manéhna mutuskeun milih jalan aborsi, da kumaha deui cénah mah, éra ku balaréa bisi arapaleun ari diantep nepi ka gede mah apan bapana pajabat, bisi kalah ngaruksak kahormatan kaluargana. Gunadi gé teu téga ari kudu kitu carana mah. Tah didieu mimiti kaasih Gunadi jeung Bintari paamprok. Didieu meumeujeuhna urang kabawa kana karomantisan Gunadi jeung Bintari. Nu ahirna, Gunadi nampi Tari dina kaayaanna keur susah. Tari langsung ngarontok Gunadi, terus nyuuh kana dadana bari ceurik semu ditahan.
Novel karya Tatang Sumarsono ieu medalna taun 1995. Bahasa dina ieu novel kaitung babari dipiharti, utamana mah ku sakumna rumaja, da ieu novel téh ngaguar carita rumaja jaman kiwari. Caritana saluyu pisan jeung kaayaan jeung kalakuan rumaja di éra modern ceuk gaulna mah. Ku kituna carita ieu novel téh mangrupa papatah pikeun rumaja sangkan hirup sederhana, nurut kana paréntah agama jeung norma, ngutamakeun sakola jeung diajar. Ulah kawas Gunadi, babaturanna mah geus pada digarawé , na ari manéhannana Mahasiswa Abadi, da itu geuning kaolo ku karesepna ulin ka gunung, jeung deui ulah sok boga sangkaan goréng ka batur nu tungtungna mah mawa pihanjakaleun. Intina mah ulah nganilai hiji hal ngan ukur tina luarna hungkul. Ulah ogé kawas Bintari anu hirup méwah resep pésta, nu ahirna kagoda ku tunanganna Tommy da ngarasa geus aman ék nikah téa, ngalakukeun kamaksiatan nu ahirna mawa petaka. Tapi salut ogé ka Gunadi, manéhanana bisa tanggung jawab jeung mulungan sasama. Pon kitu deui ka Buntari, anu asalna budak ogoan jeung centil, dimana meunang cocoba mah manéhna miboga sikap dewasa.

Kaleuwihan :
Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian bisa mawa perasaan urang ancrub kana éta carita. Sanajan aya ogé rasa kakeuheul ka Buntari ku ogoan, tapi di ahir carita si pangarang bisa méré kesan anu éndah di hate nu maca. Ku kituna, urang moal bisa ngarasakeun kaéndahaan carita iwal ti maca langsung ieu novel.
Novel Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian bisa méré inspirasi ka urang jeung méré pangajaran moral anu geus luntur dina diri bangsa urang, utamana urang salaku urang Sunda.

Kakurangan :
Novel téh ngagunakeun basa Sunda campuran jeung basa Indonesia. Asa kurang merenah lamun basana diselapan mah. Jeung deui rada ngurangan nasionalisme na kana basa urang. Sanajan kitu ogé angger éndah, lantaran caritana méré kesan yén ieu carita modern saluyu jeung kaayaan rumaja jaman ayeuna.



Nama : Sonia Dwi Octavianti
Kelas : XI IPA 6

Resensi Novel Sunda - M Febryantono (07)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : M Febryantono
Kelas  : XI IPA 6 (07)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013 

Rabu, 15 Mei 2013

Resensi NOvel Sunda - Sella Tresnasari (20)

Bahasa Sunda Resensi Novel Sunda

Wasta : Sella Tresnasari
Kelas  : XI IPA 6 (20)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013