Rabu, 01 Mei 2013

Resensi Novel Sunda - Rd. Dinda A (11)

Bahasa Sunda
Resensi Novel Sunda

Wasta : Rd. Dinda A
Kelas  : XI IPA 6 (11)

SMA NEGERI 1 BALEENDAH
Jln. RAA. Wiranatakusumah No 30
BALEENDAH-KAB. BANDUNG
2012-2013 

 
Jejer Buku                      : Si Lamsijan Kaedanan
Pangarang                      : Ki Umbara ( H.Wiredja Ranusulaksana)
Pamedal                         : Giri Mukti
Kandel Buku                  : 86 kaca

Kaunggulan Novel :
          Buku Si lamsijan kaedanan caritana sae,,bahasana gampang di pikaharti , teu pati hese, upami dina kaunggulan caritana nyaeta Si Lamsijan anu ngabogaan niat hayang kawin ka Si Neng Amoy niatna lain manehannana nu hayang jadi kafir anu aya dipikiran indungna tapi manehannya hayang Si Amoy jadi muslimah, sanajan Si Amoy can asup muslimah tapi ahirna Si Lamsijan kawin ka Si Cipleu jeung tungtungnamah manehna jadi sudagar peda dikampungna.
Kakukarangan Novel :
          Kakurangan novel si lamsijan kaedanan nyaeta Si Lamsijanna hayang ngamenangkeun Si Amoy teh make ngadukun sagala padahal manehna kudu nyaho yen ngadukun dina agama islam mah apanan teu meunang sarua weh jeung musrik teu percayakanu agung( Allah SWT ).
Carita Si Lamsjian Kaedanan
          Si lamsijan kaedanan disaruakeun sareng si kabayan atawa  jeung si cepot dina wayang golek purwa.Manehna ngabogaan watek anu goring nyaeta ogo sareng kedul pisan.Hiji waktu Lamsijan nyarios ka emana yen manehna haying nikah ka wanoja anu namina Amoy ,tapi emana teu satuju kusabab Amoy mah kafir, ngan Lamsijan terus ngomong ka indungna ,piraku ema teu hoyong gaduh minantu geulis sareng beunghar,terus engke mah moal nyusahkeun deui hirup ema ,tapi emana angger teu nyatujuan ,Lamsijan the sedih moal aya tandingna . Si Lamsijan bandel teu nurut ka emana manehna tetep haying meunangkeun Si Amoy. Lamsijan datang ka dukun maksadna Lamsijan hoyong ukeun pellet asihan. Tah Pelet asihan the dibacakan,ngan ku sialna beunangna lain ka si Amoy tapi malah ka Si Cipleu , si Cipleu teh nyaeta wanoja anu cupu tapi emang si cipleu mah bogoheun ka Lamsijan, Si Cipleu jadi ngungudag terus ka si Lamsijan. Kusabab papatah dukun gagl,Lamsijan datang ka Kiai,Lamsijan jadi rajin shalat ,ngaji jeung sajabana . Akhirna Lamsijan nikah sareng si Cipleu da pedah dinasehatan ku Kiai ,Emana mah bungaheun weh da si Cipleu mah daek digawe jeung sa iman.

Teu disangka si Lamsijan jadi beunghar ,manehanana meunang modal ti bapana Amoy ,sabab Lamsijan nulungan Amoy pas diheureuyan ku para pamuda . Ayeuna si Amoy na geus dibawa ku bangsa walanda , Ari saterusnamah si Lamsijan teh ngajodona jeung si Cipleu nu memang bener-bener bogoh ka Si Lamsijan